Jumat, 27 Juli 2012

JAMKESMAS

poe rebo kamari tgl 25 juli 2012, uing meunang kabar yen anak na ujang leutik (tukang bangunan nu kungsi gawe di uing) ngantunkeun di rumah sakit. eta budak umur na kakara 5 bulan, beda sabulan jeung keela anak uing. cenah mah maot na teh jam 1 peuting. tah jam setengah 5 subuh uing jeung salaki indit ngalayad ka imah na ujang leutik.

singkat carita, uing tepi di imahna ujang. rada ngahelas nempo ka'aya'an imah na. bilik, tehel na masih keneh campur taneuh. leketey kana hate pas apal anak na ujang leutik telat meunangkeun perawatan kusabab kagedug ku masalah biaya. rek dibawa u'ubar ka rumah sakit atawa ka puskesmas teh merod da teu nyekel duit.

uing teh nanya, "ari a ujang gaduh jamkesmas?" soalna sa"apal uingah jelema teu mampu pan di bere jamkesmas meh u'ubar ka rumah sakit teh bisa ku gratis.

ternyata keluarga ujang leutik teu boga jamkesmas. Atuh ngahuleng uing teh. Ngahuleng kusabab uingah jujur we teu apal, ari kriteria warga nu meunangkeun jamkesmas teh kudu jelema nu kumaha sih?... Teu boga na kudu samiskin kumaha sih?... Soalna nu katempo ku uing, loba jelema miskin jelema teu mampu teu boga jamkesmas jadi mun sakalina gering teh ukur ku ubar warung, padahal panyakit na kabilang kronis kudu butuh penanganan dokter.

Geus kieu teh sok hayang beunghar.. Sok hayang jadi pamingpin.. Bae ah ngimpi mah da cenah kudu luhur. Lin rek gagaya'an, uingah hayang nulung jelema nu kieu. Jelema miskin mah keur sehat na susah, cik atuh keur gering mah rada disugemakeun saeutik. Biaya rumah sakit teu kudu mikiran, Biaya ubar ge teu kudu mikiran. Mikiran jang eusi beuteung unggal poe wae maraneh na mah geus kasusahan komo mikiran jang meuli ubar.

tong boro jelema miskin, jelema beunghar ge ari keur gering keur u'ubar ka rumah sakit mah nya sarua we ngajedag.

Minggu, 22 Juli 2012

BISNIS

cape...

ti kamari rarasa'an ngan udar ider wae kaditu kadieu. sebagai bisniswomen sejati, badai huna pun teumbrag sajah. kecuali keur panas tiris ngahodhod kakara diharurung simbut bari jeung marurung siga nu heu'euh.. aheuy..

tadi mawa pesenan sendal angry bird..
sakeresek pinuh jaba gede bin metet bari ngabonceng ehan dina motor tuh rasa nya sesuatu banget. dipikir2 mah sok hayang seuri,. aing lalakon hirup tepi kakieu..

tapi da jujur, uing resep kikituan. salila halal salila teu ngarugikeun ka batur naha bet kudu era. sultan hasanah bolkiah ti brunei nu kacida beunghar na ge teu era dagang tutut di pasar.... HAH?.. maenya ?.. nu bener?.. hahaha.. nya henteu lah.. sultan hasanah bolkiah geus sakitu beunghar na rek naon dagang tutut di pasar... hahaha

bisnis jalan, ngan peran salaku pamajikan jeung salaku indung budak 3 tong tepi ka kabolerkeun. sanajan riweuh, uing tetep kudu ngurus salaki ngurus budak ngan meureun rada loba teu kacabak na ayeuna mah da ku keterbatasan waktu jeung tanaga.

geus ah sakitu we...

Sabtu, 21 Juli 2012

Bedinde

Tadi isuk2 bdinde uing dibawa balik ku ema'na..
karunya sih ti kamari awakna panas nyebret.. kakaraeun ku bedinde ieu mah uing ngarasa cocok pisan. bedinde2 nu katuklang mah asa teu sa alus nu ieu.

uing kungsi boga bedinde tatangga imah. hayang seuri eta mah gawe na teh ngan ngagosip jeung ngagosip we ngomongkeun batur. jang manehna, batur mah owoh nu bener. nu bener iwal ti maneh na sorangan.. haha.. hayang seuri sih nanggap bedinde nu ieu. ngan mun urang ngomentran jelema nu keur di omongkeun ku maneh n, pasti we omongan urang teh nyebar luas. kecepatan gosip na geus ngelehkeun kecepatan sukoy super jet nu nyungseb di gunung salak.. heuheu

ganti bedinde donk soalna si miss gosip dikaluarkeun ku indung urang.. pusing cenah ngagosip wae.. hahay.. ganti bedinde.. mayan sih lila 4 taun gawe di urang. ah nu ieu mah teu loba picaritaeun nana..

tah uing kungsi boga bedinde urang pangalengan. eta awak bedinde jeung dunungan gede keneh bedinde na.. hahaha.. sieun aing ku bedinde eta. aing di rungkuban ge geus we pejet... ngan sabulan bedinde ieu gawe di uing. gara2na maneh na make telepon imah uing teu bebeja heula. pas uing mayar telepon.. adan ni hayang ngalegleg printer.. aing kudu mayar 400rb... hahaha.. semeg wareg jatah jajan baso ngurangan..

taah bedinde nu ieu uing meni asa pas pisan. mun dina pasakan mah pas uyah gula na. mudah2an we gering na teu lila. buru2 balik deui ka imah uing.. da kaciri na mah betah di imah uing teh.. nya mudah2an we... heu