Jumat, 27 Juli 2012

JAMKESMAS

poe rebo kamari tgl 25 juli 2012, uing meunang kabar yen anak na ujang leutik (tukang bangunan nu kungsi gawe di uing) ngantunkeun di rumah sakit. eta budak umur na kakara 5 bulan, beda sabulan jeung keela anak uing. cenah mah maot na teh jam 1 peuting. tah jam setengah 5 subuh uing jeung salaki indit ngalayad ka imah na ujang leutik.

singkat carita, uing tepi di imahna ujang. rada ngahelas nempo ka'aya'an imah na. bilik, tehel na masih keneh campur taneuh. leketey kana hate pas apal anak na ujang leutik telat meunangkeun perawatan kusabab kagedug ku masalah biaya. rek dibawa u'ubar ka rumah sakit atawa ka puskesmas teh merod da teu nyekel duit.

uing teh nanya, "ari a ujang gaduh jamkesmas?" soalna sa"apal uingah jelema teu mampu pan di bere jamkesmas meh u'ubar ka rumah sakit teh bisa ku gratis.

ternyata keluarga ujang leutik teu boga jamkesmas. Atuh ngahuleng uing teh. Ngahuleng kusabab uingah jujur we teu apal, ari kriteria warga nu meunangkeun jamkesmas teh kudu jelema nu kumaha sih?... Teu boga na kudu samiskin kumaha sih?... Soalna nu katempo ku uing, loba jelema miskin jelema teu mampu teu boga jamkesmas jadi mun sakalina gering teh ukur ku ubar warung, padahal panyakit na kabilang kronis kudu butuh penanganan dokter.

Geus kieu teh sok hayang beunghar.. Sok hayang jadi pamingpin.. Bae ah ngimpi mah da cenah kudu luhur. Lin rek gagaya'an, uingah hayang nulung jelema nu kieu. Jelema miskin mah keur sehat na susah, cik atuh keur gering mah rada disugemakeun saeutik. Biaya rumah sakit teu kudu mikiran, Biaya ubar ge teu kudu mikiran. Mikiran jang eusi beuteung unggal poe wae maraneh na mah geus kasusahan komo mikiran jang meuli ubar.

tong boro jelema miskin, jelema beunghar ge ari keur gering keur u'ubar ka rumah sakit mah nya sarua we ngajedag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar